Wangsakerta

Mei 6, 2008

Pangéran Wangsakerta (? – 1713), pangéran katilu Cirebon, salasaurang putra Panembahan Girilaya nu babarengan jeung dua lanceukna (Pangéran Mertawijaya jeung Pangéran Kertawijaya) mingpin Karaton Cirebon sapupus ramana.

Daptar eusi

 Catetan sajarah

Catetan sajarah ngeunaan Pangéran Wangsakerta aya dina naskah perjangjian antara Karaton Cirebon jeung VOC. Nu nawis éta perjangjian ti pihak Cirebon nyaéta Sultan Sepuh (Pangéran Mertawijaya), Sultan Anom (Pangéran Kertawijaya), jeung Pangéran Wangsakerta katut genep urang anggota jaksa pepitu séjénna.

Numutkeun Saléh Danasasmita, ngaran Pangéran Wangsakerta ampir taya nu mikawanoh dina kahirupan sapopoé sajarah Cirebon, sabab leuwih dipiwanoh salaku Panembahan Cirebon I nu nyepeng kalungguhan “Asistén Sultan Sepuh”. Dina sumber VOC séjén, anjeunna katelah ogé salaku de derde Prins van Cheribon (Pangéran Katilu Cirebon), sedengkeun dina buku seri Priangan nu disusun ku F. De Haan, anjeunna katelah salaku Depati Topati (Adipati Tohpati), kalawan katerangan (nyutat tina laporan B. van der Meer & Jan Mulder) yén anjeunna teu kaasup kawargian karaton Banten.

Katerangan panglengkepna ngeunaan Pangéran Wangsakerta, aya dina naskah Pustaka Nagarakretabhumi parwa I, sarga 4, nu disusun ku anjeunna pribadi. Naskah éta nyebutkeun yén anjeunna saindung sabapa jeung Sultan Sepuh & Sultan Anom.

 Karyana

Pangéran Wangsakerta kawentar ku karya-karyana nu katelah “Naskah Wangsakerta“, nu di antarana (dina naskah nu diluhur disebut) ngadadarkeun ngeunaan silsilahna.

Naskah Wangsakerta

Mei 6, 2008

Naskah Wangsakerta nujul ka sakumpulan naskah nu disusun ku Pangéran Wangsakerta pribadi atawa nu disusun ku “Panitia Wangsakerta“. Dumasar eusi Pustaka Rajyarajya i Bhumi Nusantara parwa (bagian) V sarga (jilid/naskah) 5 nu mangrupa daptar pustaka, sahanteuna pabukon Karaton Cirebon ngoléksi 1703 judul naskah, 1213 di antarana mangrupa karya Pangéran Wangsakerta saparakanca.

Daptar eusi

Naskah Wangsakerta nujul ka sakumpulan naskah nu disusun ku Pangéran Wangsakerta pribadi atawa nu disusun ku “Panitia Wangsakerta“. Dumasar eusi Pustaka Rajyarajya i Bhumi Nusantara parwa (bagian) V sarga (jilid/naskah) 5 nu mangrupa daptar pustaka, sahanteuna pabukon Karaton Cirebon ngoléksi 1703 judul naskah, 1213 di antarana mangrupa karya Pangéran Wangsakerta saparakanca.

Daptar eusi

Panitia Wangsakerta

Dina pamuka unggal naskah karya Wangsakerta salawasna diémbarkeun ngeunaan prosés dijieunna naskah-naskah éta. Panitia–nu dipingpin ku Pangéran–Wangsakerta ieu dimaksudkeun pikeun nyumponan amanat ramana, Panembahan Girilaya, sangkan nyusun kisah karajaan-karajaan Nusantara. Panitia ngadeg pikeun ngayakeun gotrasawala antara para ahli (sajarah) ti sakuliah Nusantara, nu hasilna disusun jeung ditulis jadi naskah-naskah nu kiwari katelah Naskah Wangsakerta téa. Gotrasawala ieu lumangsung taun 1599 Saka (1677 M), sedengkeun panyusunan naskah-naskahna méakeun waktu nepi ka 21 taun (réngsé 1620 Saka, 1698 M).

 Karya Panitia Wangsakerta

Naskah-naskah nu dihasilkeun ku Panitia Wangsakerta bisa digolongkeun kana sababaraha judul:

 Kaayaan naskah

Naskah-naskah Wangsakerta disimpen di Musium Sri Baduga, Bandung. Naskah-naskah ieu ditulis maké mangsi hideung dina kertas daluang. Numutkeun Arsip Nasional, umur ieu keretas téh kira saratus taunan. Sigana, naskah-naskah nu aya téh mangrupa naskah salinan nu ditulis kira ahir abad ka-19.

 Kontrovérsi

Kapanggihna naskah Wangsakerta dina taun 1970-an, lian ti nimbulkeun rasa bungah jeung hélok nu kacida alatan kalengkepanana, pikeun sawatara pihak nimbulkeun rasa mangmang, malah sababaraha ahli nyangka yén ieu naskah téh aspal (asli tapi palsu). Di antara alesan-alesan nu ngaragukeun ieu naskah, nyaéta:

  • historis teuing, teu galib jeung umumna eusi naskah nu sajaman (babad, kidung, tambo, hikayat);
  • akurna eusi naskah jeung karya-karya sarjana Kulon (J.G. de Casparis, N.J. Krom, Eugene Dubois, jsb.), sahingga aya sangkaan yén ieu naskah dijieun ngarujuk ka karya sarjana-sarjana tadi (lain dijieun abad ka-17);
  • kaayaan fisik naskah (kertas/daluang, mangsi, wangun aksara) can katalungtik

tatalirabi

Mei 5, 2008

Ulah rèk pègat tali Rarabi


Tètèp Meungkeut Pageuh
Ulah rèk pegat rasa kaheman
nyancang katresna urang dua’an

 

Ulah rèk pegat,ulah rèk sapat
Janji sa’ati mupusti pasnini

Pasang subaya


Tèteup Nganteub dina qolbu

 

Langgeng Katineung dina jajantung


mugia kasorang seja tinek kanan
kacinta urang kanyaah urang nu dua’an
nyanding katintrim nyandang kaheman

 

Estu satuhu lana satia salawasna
duriat anu marengan

Kanya’ah anu  karandapan


Tebih Balayi jauh kaceuceub

 

Anggang kamelang kango salawasna
hareupan urang, udagan urang
Bagja sasarengan  satuhu salamina

Geusan ngajagi tatalirabi

 

 

By:ewon

Buah hate nu di pika deudeuh

SERAT TI ANJEUN

April 29, 2008

kembang tresna natrat na serat munggaran ti anjeun
janji matri na dasaring sanubari ti anjeun
kecap cinta diréka ku basa éndah ti anjeun
serat anjeun éndah duh duh éndah
geter tineung paheut jangji
duriat ukur kaserat
imut anjeun teuteup anjeun
iraha atuh sumpingna
geter tineung paheut jangji
duriat ukur kaserat
imut anjeun teuteup anjeun
iraha atuh sumpingna

(juru kawih: détty kurnia)

istilah-istilah wanci

April 29, 2008
  • lingsir ngulon kira-kira tabuh 14.00
  • asar kira-kira tabuh 15.00
  • paososoré kira-kira tabuh 16.00
  • ngampih laleur kira-kira tabuh 17.00
  • tunggang gunung kira-kira tabuh 17.30
  • sariak layung kira-kira tabuh 18.00
  • sareupna/magrib kira-kira tabuh 18.15
  • harieum beungeut kira-kira tabuh 18.30
  • isa kira-kira tabuh 19.00
  • sareureuh budak kira-kira 21.00
  • sareureuh kolot kira-kira tabuh 21.30
  • peuting kira-kira tabuh 23.00
  • tengah peuting kira-kira tabuh 24.00
  • usum tumorék kira-kira tabuh 24.30
  • janari leutik kira-kira tabuh 01.30
  • janari gedé kira-kira tabuh 02.00
  • disada rorongkéng (kongkorongok hayam sakali) kira-kira tabuh 02.30
  • haliwawar kira-kira tabuh 03.00
  • kongkorongok hayam dua kali kira-kira 03.30
  • janari kira-kira 04.00
  • subuh kira-kira tabuh 04.30
  • balébat kira-kira tabuh 05.00
  • carangcang tihang kira-kira tabuh 05.30
  • isuk-isuk kira-kira tabuh 06.00
  • murag ciibun kira-kira tabuh 07.00
  • pecat sawed kira-kira tabuh 09.00
  • haneut moyan kira-kira tabuh 10.00
  • rumangsang kira-kira tabuh 11.00
  • tengah poé/lohor kira-kira tabuh 12.00
  • mengok kira-kira tabuh 13.00
  • samoja

    April 20, 2008

    Kedalna Asih Na Bulan Pinuh Mamanis
    Hiji Jangji Pasini Na Resmining Wanci

    Mangsa Samoja Jongjon Kembangan
    Duh Eulis Langit Lenglang
    Angin Rintih Dina Ati Aduh… 

    Lalakon Lawas Na Bulan Pinuh Katineung 
    Aya Jangji Pasini Nu Henteu Ngajadi 
    Mangsa Samoja Geus Ngarangrangan 
    Duh Ieuh Langit Angkeub 
    Samagaha Dina Hate Duh…. 

    Ayeuna Kantun Waasna Jungjunan 
    Lalakon Katukang Diteang Ngan Kuciptaan 

    Kamari Nu Pamit.. Kamari Nu Pamit 
    Datang Deui Na Kalangkang 
    Ayeuna Tinggal Ngangresna Jungjunan 
    Lalakon Nu Pegat Disambung Ngan Kuciptaan 

    Kamari Nu Leungit..  Kamari Nu Leungit 
    Rek Lebeng Mo Deui Datang 

    surat ondangan

    April 20, 2008

    Geus Jadi Tradisi, Mun Narima Ondangan 
    Hiji Pangakuan Tatali Mimitran 
    Panyambat Kisobat Anu Luhur Ajenna 
    Dasar Hirup Kumbuh Hukum Adat Bangsa 

    Ngan Sok Aya Kalana Mun Narima Ondangan 
    Sok Ngadadak Baluweng Atoh Campur Jeung Bingung 

    Padahal Henteu Dipaksa Moal Matak Jadi Dosa 
    Teu Kakurung Ku Ancaman Ey … Korban Prasaan 

    Padahal Henteu Dipaksa Moal Matak Jadi Dosa 
    Najan Waktuna Teu Datang Ey … Sok Era Panggih 

    Bulan Istimewa Nu Hajat Tambah Rea 
    Ondangan Marema Rabul Ti Tatangga 

    Tinu Jauh Cunduk Tinu Anggang Datang 
    Tinu Deukeut Ngaleut Ti Dulur Murudul

    galindeng garut

    April 16, 2008

    *Iye kuring putra garut

             <.Singkil gandang rek matandang

         <.Ngagalindeng lagu garut

     <.Garut intan pangirutan 

     *Rahayat jeng pamarentah

          <.Samiuk sabilulungan

              <.Panttrang pasalia paham

                  <.Geusan garut komaraan 

    * Endah ….. garut nyandang kaendahan

          <.Tertib…….garut nyandang katertiban

        <.Aman ….jauh tina pacengkadan

    <.Nyaman   ..ngenah nyandang,ngenah nyanding 

     *Kerta tengtrem kerta raharja

          <.Ngajugjug rido ilahi

           <.Garut indah:matak betah tumaninah

               <.Garut tertib,kajojo kamana-mana 

           <.Garut:aman jauh tina panca bahya

    <.Garut aman ngenah ngaheunang-ngaheuning

    Dua Dasa Warsa Caraka Sundanologi

    April 14, 2008

    Ku DADAN SUTISNA & DHIPA GALUH PURBA

     

    Salah sahiji lembaga anu gedé jasa dina marajian gumelarna sawarata pangarang Sunda, taya lian Caraka Sundanologi. Loba pangarang Sunda anu kiwari keur meujeuhna moyan, kalayan pamianganana téh ti Caraka Sundanologi. Nepi ka kiwari, nyorang mangsa duapuluh taun, Caraka Sundanologi tetep éksis dina sawatara kagiatan kasundaan, malah kagiatanana leuwih jembar. Iwal ti nungtun para pangarang anyar, aya téater rayat, sisindiran, cianjuran, sinétron Sunda, jeung sawatara kagiatan séjénna.

     

    CARAKA Sundanologi diadegkeun taun 1986, kalayan ditaratas ku para sastrawan Sunda, antarana Adang S, Abdullah Mustafa, Aam Amilia, Wahyu Wibisana, Rustandi Kartakusumah, Usép Romli, jsté. Numutkeun Prof. Dr. Édi. S. Ékadjati, ngadegna Caraka Sundanologi raket pisan patalina sareng  Proyék Penelitian dan Pengkajian Budaya Sunda, anu disebut Sundanologi. Haritam éta proyék téh dipingpin Edi S. Ekajati, kalayan kantorna di Gedong Merdéka Bandung. Saur Édi,  kapungkur téh aya kagitan anu  diwaragadan ku pamaréntah, aya ogé kréativitas masarakat. Anu kalebet kréativitas masarakat di antawisna kusrsus sajarah sunda, kursus wartawan, sareng kursus ngarang. Kursus pangarang pisan anu salajengna diajukeun ku Adang S, pikeun kagiatan Proyék Penelitian dan Pengembangan Budaya Sunda.

    Tangtos baé aya alesan pangna Adang S milih ngayakeun kursus ngarang. Numutkeun Adang S, proyék penelitian mah kurang karasa ku balaréa, jadi mending kénéh ngalatih para nonoman dina widang ngarang Sunda. Anu daptar téh aya 318 urang, kalayan réréana mahasiswa. Der baé dialajar ngarang kalayan daria, diluluguan ku Adang S. Malah numutkeun Nana Sukmana, diajar ngarang di caraka téh kacida resepna. Batan tinggaleun diajar ngarang mah, mending kénéh henteu kuliah. Lain sakali dua kali, Nana Sukmana bolos kuliah alatan waktuna pagedrug jeung diajar ngarang. Nana Sukmana anu kapungkur diajar ngarang di Caraka Sundanologi, kiwari geus jadi redaktur HU. Galamédia.

    Sanggeus lungsur-langsar dialajar ngarang, anggota Caraka Sundanologi ngusulkeun sangkan diajar  cianjuran. Kahayang anggota téh diturutkeun, breng wé dialajar cianjuran. Anu hayang diajar téater ogé dipupujukeun, dikirimkeun ka Téater Sunda Kiwari. Taun 1989, proyék penelitian dan pengkajian budaya Sunda dihapus ku pamaréntah. Kilang kitu, kagiatan Caraka Sundanologi henteu ngiringan tilem. Malah beuki daria dina rupaning kagiatan kasundaan. Hartina, Caraka Sundanologi henteu gumantung kana proyék. Tapi tempatna ngalih, ti Gedung Merdéka ka gedong YPK (Yayasan Pusat Kebudayaan), di Jln. Naripan, Bandung.

    Ka dieunakeun, loba di antara masarakat anu tumanya, boh sacara langsung atawa teu langsung, ngeunaan kagiatan Caraka Sundanologi anu siga ninggalkeun tatapakan mimiti, nyaéta nyitak pangarang Sunda.  Caraka siga anu leuwih riweuh nguruskeun pagelaran, boh dina panggung atawa dina télévisi. Kumaha jawaban Adang S? Saur Adang S, panginditan téh mémang tina kursus ngarang, tapi apan seuhseuhanana mah seja miara basa katut sastra Sunda, béh dituna ajén budaya Sunda. Sanajan kiwari Caraka leuwih loba ngurus pagelaran, sabenerna mah titincakanna éta2-éta kénéh. Upamana basa Caraka Sundanologi ngadamel sinétron “Karnadi Anémer Bangkong”, apan éta téh dumasar kana novél Sunda “Rusiah Nu Goréng Patut”. Jadi, éta téh kaasup ngawanohkeun sastra Sunda baheula.

    Kumaha ari sisindiran? Saur Adang S, sisindiran téh nepi ka caraka ngadeg ampir-ampiran geus rék pareum. Jarang anu nanggap sisindiran. Tapi sanggeusna dipopulérkeun ku Caraka dina télévisi, sisindiran hirup deui. Dina koran, dina radio jadi ramé. Malah aya nu ngayakeun pasanggiri sisindiran sagala. Jadi kagiatan Caraka Sundanologi henteu méngpar tina titincakan.

    Perkara sisindiran, numutkeun Suryana, urang pilemburan anu sok nongton sisindiran, saleresna mah sisindiran téh mangrupi tontonan anu dianti-anti, mung hanjakal waktosna ngan sakedap. Iwal ti éta, aya deui kahanjakal téh, anu mawakeunana siga anu teu alami, kumargi katawisna téh jiga dijieun-jieun pisan. Suryana ogé nyarankeun sangkan Caraka Sundanologi henteu ngan nmintonkeun sepuh wungkul, tapi murangkalih ogé sakali-kali mah kedah diajakan maén sisindiran.

    Adang S mémang mobanda loba gagasan anu teu acan bisa kacimponan, lantaran pagedrug jeung urusan Waragad.. Contona Caraka Sundanologi  keyeng pisan ngagarap sinétron dumasar kana novél “Apun Gencay”, karaya Yus Rusyana. “Alus pisan éta novél mun disinétronkeun. Tapi lantaran waragad,jadi wé teu tulus. Hayang mayeng ngayakeun pasanggiri masa puisi, pasanggiri sisindiran, sarua éta ogé kateug lantaran waragad…” kitu saur Adang S.

    Caraka Sundanologi saban taun narima pendaptaran anggota anyar. Dina pormulirna disebutkeun, aya anu rék diajar ngarang, diajar ngacapi, diajar téater, jeung sajabana. “Hanjakal, éta téh teu lana. henteu jiga nu baheula. Naon masalahna teu kapanggih, atawa naha mémang méntal urang Sunda ayeuna siga kitu…” saur Adang S bari ngadadarkeun basa aya anu diajar ngarang. Konsépna siga baheula. Anu diajar ngarang téh mimiti 15 urang, minggu hareupna tinggal 10 urang, minggu hareupna deui tinggal salapan urang, antukna mah béak wé. Jadi, lain salah Caraka Sundanologi, lamun mémang regenerasi pangarang Sunda henteu pati kapaliré.

    Solusi pikeun ngungkulan éta kaayaan, numutkeun Aam Amilia, murid-murid anu baheula dialajar ngarang ka Caraka Sundanologi, kiwari geus meujeuhna jadi guru. Puguh baé anu ditétélakeun ku Aam Amilia téh kalintang hadéna, mangrupa salah sahiji tarékah pikeun ngagelarkeun para pangarang Sunda entragan anyar, anu numutkeun Aam Amilia, kiwari téh keur rada keueung nilik kurangna para pangarang Sunda.***

     

    Dimuat di Majalah Seni Budaya No. 173, Maret 2006

    Undak-usuk Basa

    April 14, 2008
    No. Loma Lemes ka Sorangan Lemes ka Batur
    1 abus, asup, lebet, lebet
    2 acan, tacan, encan, teu acan, teu acan
    3 adi, adi, rai, rayi
    4 adu adu aben
    5 ais ais emban
    6 ajang, keur kanggo haturan
    7 ajar ajar wulang, wuruk
    8 aji, ngaji ngaji ngaos
    9 akang akang engkang
    10 aki pun aki tuang ?yang
    11 aku, ngaku aku, ngaku angken, ngangken
    12 ali ali cingcin, l?l?p
    13 alo pun alo kapiputra
    14 alus sa sa
    15 amb?h, supaya supados supados
    16 ambek ambek bendu, wera
    17 ambeu, ngambeu ngambeu ngambung, ngangseu
    18 amit, amitan permios permios
    19 anak pun anak tuang putra, putra
    20 anggel bantal bantal
    21 anggeus, enggeus r?ngs parantos
    22 angir, diangir dikuramas dikujamas
    23 angkir, diangkir diondang, disaur diulem, disaur
    24 anjang, nganjang ngadeuheus natamu
    25 antara antara antawis
    26 anteur, nganteur jajap, ngajajapkeun nyarengan
    27 anti, nganti, dago, ngadagoan ngantosan ngantosan
    28 arang, langka awis-awis awis-awis
    29 ar bad?, seja bad?, seja
    30 arep, ngarep-ngarep ngajeng-ngajeng ngajeng-ngajeng
    31 ari dupi dupi
    32 asa, rarasaan raraosan raraosan
    33 asal kawit kawit
    34 aso, ngaso ngaso leleson
    35 astana pasar?an pajaratan
    36 atawa atanapi atanapi
    37 ati-ati, kad ati-ati atos-atos
    38 atoh, bungah bingah bingah
    39 awak awak salira, sarira
    40 aw?w aw?w istri
    41 babari, gampang gampil gampil
    42 babatang mayit layon
    43 baca aos aos
    44 badami badanten badanten
    45 badarat badarat nyacat
    46 bad?ga r?ncang r?ncang
    47 ba?, keun ba sawios, teu sawios sawios, teu sawios
    48 bag bag haturan
    49 bageur bageur sa? manah
    50 baheula kapungkur kapungkur
    51 baju baju raksukan
    52 bakti baktos baktos
    53 balik, mulang wangsul mulih
    54 balur balur lulur
    55 bangga sesah sesah
    56 bangun bangun sapertos
    57 bantu, babantu babantu ngiring ngadamel
    58 bapa pun bapa tuang rama
    59 baraya, dulur r?r?han, wargi wargi
    60 bareng, reujeung sareng sareng
    61 bar?to kapengker, kapungkur kapungkur
    62 batuk batuk gohgoy
    63 batur, babaturan r?r?ncangan r?r?ncangan
    64 bawa bantun candak
    65 bawarasa ku ?mutan, bawiraos ku ?mutan, bawiraos
    66 b?ak s? s?
    67 b?da b?nten b?nten
    68 begang, kuru begang langsip, langsit
    69 b?ja, b?b?ja wawartos, popoyan wawartos, pupulih
    70 bendo bendo udeng
    71 bener, enya leres leres
    72 beng?k, mengi asma ampeg
    73 b?r?, m?r maparin, masihan ngahaturanan, ngal?l
    74 berekah pang?sto, pang?stu, aya hibar damang, wilujeng
    75 beubeur beubeur beulitan
    76 beuheung beuheung tenggek
    77 beuki beuki, seneng sedep
    78 beulah palih palih
    79 beuli, meuli m?s ngagaleuh
    80 beunang k?nging k?nging
    81 beungeut beungeut pameunteu, raray
    82 beurang siang siang
    83 beurat abot abot
    84 beuteung padaharan patuangan, lambut
    85 bibi pun bibi tuang ibu
    86 bikeun, mikeun maparinkeun ngahaturkeun, nyanggakeun
    87 bilang, milang ng?tang ng?tang
    88 bingung bingung ?wed
    89 bireungeuh, mireungeuh mireungeuh ningali
    90 birit, bujur birit, bujur imbit
    91 bisa tiasa iasa
    92 bisi bilih bilih
    93 bisul bisul gambuh
    94 bitis bitis wentis
    95 biwir biwir lambey
    96 boa tiasa jadi tiasa jadi
    97 boga gaduh kagungan
    98 bolonan, kotoran, palangan udur sasih, kareseban kareseban
    99 buang, bubuang, ngising miceun kabeuratan
    100 budak budak murangkalih
    101 bujal bujal, puseur udel
    102 buka (puasa) buka bobor
    103 bukti buktos buktos
    104 bulan sasih sasih
    105 bungah, gumbira bingah bingah
    106 burit sonten sonten
    107 buru bujeng bujeng
    108 butuh perlu peryogi
    109 cabak, nyabak nyabak nyepeng
    110 cacangkir, cangkir cacangkir, cangkir tangkepan
    111 cageur pang?sto, pang?stu damang
    112 calana calana lancingan
    113 candung candung wayuh
    114 caneut, nyaneut nyaneut ngaleueut
    115 cangk?ng cangk?ng angk?ng
    116 cap cap palay
    117 caram, car nyar ngawagel
    118 carang, langka awis, awis-awis awis, awis-awis
    119 car?c saputangan salempay
    120 car?k, nyar?kan nyar?kan nyeuseul, nyauran
    121 carita, omong, nyarita, ngomong nyanggem nyarios
    122 c?c?wok ob?h, omb ob?h, omb
    123 cekel, nyekel nyekel nyepeng
    124 celuk, nyeluk, gero, ngageroan nyauran ngagentraan
    125 cenah, c?nah cenah, c?nah saurna
    126 ceuli ceuli cepil
    127 ceurik ceurik nangis
    128 cici, nyician nyician mairan
    129 cicing matuh calik, linggih
    130 ciduh ciduh ludah
    131 cik, cing, coba cobi cobi
    132 cikal anak cikal putra pangageungna
    133 ciling, pacilingan kakus jamban
    134 ciri tanda tawis
    135 cium, nyium nyium ngambung
    136 cokot, nyokot ngabantun nyandak
    137 cukup, mahi cekap cekap
    138 cukur, dicukur dicukur diparas
    139 cumpon, nyumponan nyumponan nyaosan
    140 cunduk, datang dongkap sumping, rawuh
    141 da da?k, purun kersa
    142 dagang dagang icalan
    143 dahar neda tuang
    144 dangdan dangdan dangdos
    145 dapur dapur pawon
    146 d?ng?, ngad?ng nguping, mireng ngadangu
    147 deukeut deukeut caket
    148 deungeun-deungeun nu san?s, san?s wargi nu san?s, san?s wargi
    149 didik, ngadidik ngatik miwuruk, mitutur, miwejang
    150 diri diri salira
    151 diuk diuk calik, linggih
    152 dubur dubur palawangan
    153 duga, kaduga kaduga kiat
    154 duit artos artos
    155 dum?h, lantaran jalaran ku margi
    156 ?l ?l kawon
    157 ?ling, inget ?mut ?mut
    158 ?mboh, tambah tambih tambih
    159 embung alim, narah (aw?w teu kersa
    160 em?t, saem saeutik saeutik
    161 endeng, saendeng-endeng salamina sapapaosna
    162 ?ndong, ng?ndong ng?ndong ngawengi
    163 enggon pamondokan pangkuleman
    164 ?ra isin lingsem
    165 ?stu, ng?stukeun, nurut ng?stokeun ng?stokeun
    166 eukeur, keur nuju nuju
    167 eusi, ngeusian ngalebetan ngalebetan
    168 euweuh teu aya teu aya
    169 gancang ?nggal ?nggal
    170 gand r?ncang r?ncang
    171 gand?ng gand?ng baribin
    172 ganti ganti gentos
    173 gard?ng, r?r?gan gard?ng lalangs
    174 gaw gaw damel
    175 ged ged ageung
    176 g?g g?g landep
    177 gelung gelung sanggul
    178 genah, geunah raos raos
    179 gering udur teu damang
    180 getol getol kersaan
    181 geuing, ngageuing ngageuing ng?mutan
    182 geulang geulang pinggel
    183 geura, p?k, h geura, mangga mangga
    184 geuwat geuwat ?nggal
    185 gigir, gigireun gigireun g?d?ngeun
    186 gilir, bagilir bagilir bagentos
    187 gimir gimir rentag manah
    188 goda, gogoda, cocoba cocoba cocobi
    189 gor?ng, jor gor?ng awon
    190 gugu, ngagugu nurut tumut
    191 guguling guguling pepedek
    192 gura-giru gura-giru ?nggal-?nggalan
    193 gusar, digusar digusar dipeper
    194 haben haben teras-terasan
    195 hadir, ngahadiran nungkulan ngaluuhan
    196 hal, perkara perkawis perkawis
    197 halis halis kening
    198 hampura, maap hapunten hapunten, haksama, haksami
    199 harega, harga harga pangaos
    200 hareup payun payun
    201 harti harti hartos
    202 hat hat manah
    203 hawatir, watir, karunya watir hawatos
    204 hayang hayang, hoyong palay
    205 hayu hayu mangga
    206 h?lok h?ran h?meng
    207 h?s?, susah, pelik sesah sesah
    208 heuay heuay angob
    209 heubeul, lawas heubeul lami
    210 heug, seug mangga mangga
    211 hili, tukeur liron liron, gentos
    212 hina laip laip
    213 hirup hirup jumeneng
    214 hitut hitut kabobosan
    215 hudang hudang gugah
    216 huntu huntu waos
    217 hutang hutang sambetan
    218 iber, b?ja, warta wartos wartos
    219 idin widi widi
    220 igel igel ibing
    221 iket tetopong udeng
    222 ilik, ngilikan ningalian ningalian
    223 ilu, ngilu ngiring ngiring
    224 imah rorompok bumi
    225 impi imp imp
    226 imut imut m?sem
    227 incu pun incu tuang putu
    228 indit, miang mios angkat
    229 indung pun biang tuang ibu
    230 inggis, risi inggis, risi r?mpan
    231 injeum tambut tambut
    232 inum inum leueut
    233 irung irung pangambung
    234 isuk, isukan ?njing ?njing
    235 iteuk iteuk teteken
    236 itung itung ?tang
    237 iwal, kajaba kajaba kajabi
    238 jaba jaba jabi
    239 jaga jaga jagi
    240 jalma, jelema jalmi jalmi
    241 jauh tebih tebih
    242 jawab walon waler
    243 jero lebet lebet
    244 jeung sareng sareng
    245 jiga jiga sapertos, sakarupi
    246 jima sapatemon sapatemon
    247 jinah jinah ngalambangsari
    248 jual ical ical
    249 jugjug bujeng bujeng
    250 juru, ngajuru ngalahirkeun babar
    251 kabar, b?ja, warta wartos wartos
    252 kab?h, kab?hanana sadayana sadayana
    253 kabur, minggat minggat lolos
    254 kacida, nataku, nataku, pant kalintang kalintang
    255 kadang, kadang warga kadang wargi wargi-wargi sadayana
    256 kajeun, keun ba sawios sawios
    257 kakara, kar nemb nemb
    258 kalan-kalan, sakapeung sawaktos-waktos sawaktos-waktos
    259 kalenger, kapa?han kapa?han kapidara
    260 kapalang, kagok kapambeng kapambeng
    261 kar?mbong kekemben kekemben
    262 kari, tinggal kantun kantun
    263 kasakit, nyeri kasakit, kanyeri kasawat
    264 katara, kaciri katawis katawis
    265 katuhu katuhu tengen
    266 kawantu kawantos kawantos
    267 kawas, saperti sapertos sapertos
    268 kawin nikah jatukrami, r?nd?ngan
    269 k?d k?nca kiwa
    270 kedeng, ngedeng ngedeng ?bog
    271 k?jo, sangu sangu sangu
    272 k?l k?l ingkab
    273 k?l?k, ng?l ng?l ngad?h
    274 keris keris duhung
    275 k?sang karinget karinget
    276 keur, pikeun kanggo haturan
    277 kiih kahampangan kahampangan
    278 kira, sangka, ngira, nyangka nginten nginten
    279 kocap, kocapkeun, kacaritakeun kacarioskeun kacarioskeun
    280 kolot kolot sepuh
    281 komo, sumawonna komo, sumawonna sumawonten
    282 kongkorong kangkalung kangkalung
    283 kop, p mangga mangga
    284 kuat kiat kiat
    285 kubur kaluat kaluat
    286 kudu kedah kedah
    287 kuku kuku tanggay
    288 kulawarga kulawarga kulawargi
    289 kumbah kumbah wasuh
    290 kumis kumis rumbah
    291 kumpul kempel kempel
    292 kungsi kantos kantos
    293 kurang kirang kirang
    294 kuren, kurenan rimbitan rimbitan
    295 kuring, sim kuring abdi
    296 kutu kutu puntang
    297 labuh labuh geubis
    298 lahun, ngalahun ngalahun mangkon
    299 lain san san
    300 laju laju lajeng
    301 laki, lalaki lalaki pameget
    302 laku, payu, laris pajeng pajeng
    303 lalajo nongton nongton
    304 lamun, upama upami upami
    305 lanceuk pun lanceuk tuang raka
    306 lantaran, sabab, marga jalaran, sabab margi
    307 lapar lapar palay tuang
    308 larung, liwat, kalarung kalangkung kalangkung
    309 laun, laun-laun lami-lami lami-lami
    310 lebah, palebah leresan leresan
    311 l?ho l?ho umbel
    312 l?ngoh l?ngoh teu nyandak nanaon
    313 l?tah l?tah ilat
    314 l?tak, dil?tak dil?tak diilat
    315 leumpang leumpang angkat
    316 leungeun leungeun panangan
    317 leungit leungit ical
    318 leutik alit alit
    319 leuwih langkung langkung
    320 lila lami lami
    321 magahan, mapagahan mapagahan ngawurukan, miwejang
    322 mahal mahal awis
    323 maksud maksad maksad
    324 malarat, miskin jalmi teu gaduh teu kagungan nanaon
    325 malem wengi wengi
    326 malik malik mayun
    327 mamayu mamayu mamajeng
    328 mandi mandi siram
    329 maneh, hidep ibu, bapa, ayi, jst
    330 mangka, sing, muga mugi mugi
    331 mangkuk, teu mangkuk teu kantos teu kantos
    332 maot maot pupus, tilar dunya
    333 marhum marhum, jenatna marhum, suargi
    334 mayit mayit layon
    335 m?m?h, sam?m?hna sateuacanna sateuacanna
    336 mending, leuwih hade langkung sa langkung sa
    337 meujeuhna meujeuhna cekap
    338 meureun panginten panginten
    339 mimiti, mimitina kawitna awitna, kawitna
    340 minangka ?tang-?tang ?tang-?tang
    341 minantu minantu mantu
    342 mindeng, remen sering sering
    343 minyak lisah lisah
    344 mitoha mertua mertua
    345 montok montok ageung
    346 muga mugi mugia
    347 mungguh menggah menggah(ing)
    348 mupakat, rempug mupakat, rempug rempag
    349 murah mirah mirah
    350 muriang muriang nyenyepan
    351 najan, parand?n?, sanajan sanaos sanaos
    352 nas?hat, papatah nas?hat, papatah piwuruk, piwejang
    353 ngan mung mung
    354 ngaran wasta, nami jenengan, kakasih
    355 ngeunah ngeunah raos
    356 ngora ngora anom
    357 nguluwut, nguyung nguluwut, nguyung ngangluh
    358 nini pun nini tuang ?yang
    359 nohonan nyaosan, nyumponan nyaosan
    360 nungkulan nungkulan ngaluuhan
    361 nyaho terang uninga
    362 nyana nginten nginten
    363 nyaring nyaring teu acan kulem
    364 nyolow?dor nyolow?dor midua manah
    365 obat, ubar obat, ubar landong
    366 ogan, ondang ondang ulem
    367 om?, ngom?an, menerkeun ngalereskeun ngalereskeun
    368 paham paham, ngartos ngartos
    369 paju, maju majeng majeng
    370 pak?, mak nganggo nganggo
    371 palangsiang, bisa jadi tiasa jadi tiasa jadi
    372 palar, dipalar dipalar dipamrih, dipambrih
    373 palir?, malir malir merhatoskeun
    374 pamajikan pun bojo tuang rayi, geureuha
    375 paman pun paman tuang rama
    376 pancuran, kamar mandi jamban jamban
    377 pand?, mand?an mand?an mapadani, nyamian
    378 pandeuri ti pengker ti pengker
    379 pang, pangna, nu matak nu mawi nu mawi
    380 panggih, manggih mendak mendak
    381 pangkat, kadudukan kadudukan kalungguhan
    382 pangku, mangku mangku mangkon
    383 panitih (perhiasan) panitih sangk?tan
    384 panon panon soca
    385 pantar, sapantar sapantar sayuswa
    386 parah, dipaparah dikinten-kinten dikinten-kinten
    387 parak, marak marak munday
    388 paribasa paripaos paripaos
    389 pariksa, mariksa mariksa marios
    390 parna r?pot wales
    391 paro, saparo sapalih sapalih
    392 parok, teu parok teu sami teu sami
    393 pasti, tangtu tangtos tangtos
    394 pati, teu pati teu patos teu patos
    395 patuh, matuh matuh linggih
    396 payung payung pajeng
    397 pecak, mecak, coba nyobi nyobi
    398 p?dah, sap?dah ku margi, jalaran r?hing
    399 pegat, kapegat kapegat kaandeg
    400 penc?t, menc?tan meuseulan meuseulan
    401 p?nta, m?nta neda, nyuhungkeun mundut
    402 percaya percanten percanten
    403 perelu, perlu perlu peryogi
    404 permisi permios permios
    405 peuting wengi wengi
    406 pianakan pianakan wewetengan
    407 pihap?, mihap wiat ngaweweratan
    408 pikir pikir manah
    409 piligenti piligentos piligentos
    410 pilih, kapilih kapilih kaselir
    411 pindah pindah ngalih
    412 pingping pingping paha
    413 pipi pipi damis
    414 pirang-pirang pinten-pinten pinten-pinten
    415 po dinten dinten
    416 poho hilap lali
    417 potong, popotongan patilasan patilasan
    418 pribadi pribados ku anjeun
    419 prihatin prihatin prihatos
    420 puasa puasa saum
    421 puguh, tangtu tangtos tangtos, kantenan
    422 purun purun kersa
    423 raksa, pangraksa pangraksa panangtayungan
    424 ramo ramo r?ma
    425 ramp mangga mangga
    426 rany?d, ngarany ngarany ngalambangsari
    427 rarabi rarabi garwaan
    428 rasa, rumasa rumaos rumaos
    429 r?a, loba seueur seueur
    430 r?c r?c artos alit
    431 resep, karesep karesep kalangenan
    432 reujeung bareng sareng
    433 reuneuh kakandungan bobot, ngandeg
    434 reureuh reureuh ngaso
    435 rieut rieut puyeng
    436 rikip, ririkipan ririkipan rerencepan
    437 ripuh ripuh repot
    438 robah robah robih
    439 roko, ududeun roko sesepeun
    440 rua, sarua sarupi, sami sarupi, sami
    441 rujuk, rempug rempug rempag
    442 rupa, warna rupi rupi
    443 rusuh, rurusuhan ?ngal-?nggalan ?nggal-?nggalan
    444 saba, nyaba nyanyabaan angkat-angkatan
    445 sabot keur waktu waktos
    446 sabuk, beubeur beubeur beulitan
    447 sadia, sayaga sayagi sayagi
    448 sadu, sasadu tamada tamada, tamoda
    449 sagala sagala saniskanten
    450 sakeudeung sakedap sakedap
    451 sakit, kasakit kasakit kasawat
    452 sakur sakur sugri
    453 salah lepat lepat
    454 salah saurang salah sawios salah sawios
    455 salaki pun lanceuk carog?, tuang raka
    456 salamet salamet wilujeng
    457 salat, solat samb?ang netepan
    458 salempang, hariwang salempang salempang, rejag manah
    459 sal?sma sal?sma pileg
    460 salin, disalin disalin gentos
    461 samak amparan amparan
    462 sampak, nyampak nyampak nyondong, kasondong
    463 samping sinjang sinjang
    464 sanding, kasanding kasanding kasumpingan
    465 sanggeus saparantos saparantos
    466 sanggup sanggem sanggem
    467 saniskara saniskanten saniskanten
    468 saperti sapertos sapertos
    469 sar mondok kulem
    470 sar?r sadayana sadayana
    471 sarta, jeungna deui sareng sareng
    472 sarua sami sami
    473 sasarap sasarap, neda (?njing-?njing) tuang (?njing-?njing)
    474 sawah sawah s?rang
    475 sebut sebat sebat
    476 sedih sedih sedih, sungkawa
    477 s?j s?j san
    478 s?l?h, ny?l?hkeun masrahkeun nyanggakeun, ngahaturkeun
    479 s?l?w?r, ny?l?w midua hat midua manah
    480 s?mah tamu tamu
    481 semet, serek wangkid wangkid
    482 senang senang raos manah
    483 serah, nyerahkeun mirak mirak, ng?s
    484 s?sa, kari kantun kantun
    485 seubeuh sesek wareg
    486 seupah, nyeupah nyeupah ngalemar
    487 seuri seuri gumujeng
    488 siar, nyiar milari milari
    489 sibanyo sibanyo wawasuh
    490 simbut simbut kampuh
    491 sirah sirah mastaka
    492 sirit larangan larangan
    493 sisig sisig susur
    494 sisir pam?r pam?r
    495 soara, sora sora soanten
    496 sono sono honeng
    497 sorangan sorangan nyalira
    498 sor sonten sonten
    499 sugan, manawa manawi manawi
    500 suku suku samp?an
    501 sukur, nyukuran nganuhunkeun nganuhunkeun
    502 sunat, nyunatan ngaberesihan nyepitan
    503 sungut cangkem baham
    504 supaya supados supados
    505 surat serat serat, t?t?san
    506 surup, kasurupan kasarumahan kacalikan
    507 susu susu pinareup
    508 suweng suweng kurabu
    509 suwung suwung suwung, seweng
    510 tab?at adat panganggo
    511 tadina awitna, kawitna kawitna
    512 tai kokotor kokotor
    513 taksir, naksir, ngira nginten-nginten nginten-nginten
    514 taktak taktak taktak
    515 talatah wiat saur wiat saur
    516 tambah tambih wuwuh
    517 tampa tampi tampi
    518 tampolong tampolong, tempat ludah pangludahan
    519 tang?n, katang kanyahoan kauninga
    520 tanggal ping, kaping ping, kaping
    521 tanggung (jawab) tanggel tanggel
    522 tangtung, nangtung nangtung ngadeg
    523 tanwand?, tangtu tangtos tangtos
    524 tanya taros pariksa
    525 tapi nanging nanging
    526 tarang tarang taar
    527 taranjang, ditaranjang ditaranjang diwuwuda
    528 tarima tampi tampi
    529 tatangga tatangga tatangga
    530 tawar, nawar nawis mundut
    531 tayoh, tayohna rupina rupina
    532 t?ang, n?angan milari, ngilari milari, ngilari
    533 tedun, tedunan nyaosan nyaosan
    534 teleg, teureuy teleg telen
    535 tembang, nembang nembang mamaos
    536 t?mpo sarantos sarantos
    537 t?njo, n?njo, tempo ningal ningali
    538 tepi dugi dugi
    539 tepi, nepi dugi dugi
    540 tepung tepang tepang
    541 t?r t?r kawalon
    542 t?r ?nggal ?nggal
    543 terus teras teras
    544 teundeun simpen simpen
    545 tincak tincak dampal
    546 titah, nitah, jurung ngajurungan miwarangan
    547 toa, ua pun ua tuang rama
    548 tonggong tonggong pungkur
    549 topi, dudukuy topi, dudukuy tudung
    550 tulis tulis serat
    551 tulung, pitulung pitulung pitandang
    552 tulus cios cios
    553 tuluy teras lajeng
    554 tumpak tumpak tunggang
    555 tunduh tunduh palay
    556 tunggu antos antos
    557 tungkul, nungkulan nungkulan ngaluuhan
    558 turun turun lungsur
    559 turut, nurut nurut tumut
    560 tutu, nutu nutu meuseul
    561 ucap ucap kedal, lisan
    562 udud, ngaroko udud, ngaroko nyesep, ngalelet
    563 ulah teu k?nging teu k?nging
    564 ulin ulin ameng
    565 umur umur yuswa
    566 unina unina ungelna, unggelna
    567 urus, nguruskeun ngalereskeun ngalereskeun
    568 urut tilas tilas
    569 utah utah luga
    570 utama utami utami
    571 waktu waktos waktos
    572 wani wantun wantun
    573 waras cageur damang
    574 war?h, sawar sapalih sapalih
    575 warga, dulur wargi wargi
    576 watara, sawatara sawatawis sawatawis
    577 wawuh wanoh, kenal kenal
    578 wedak pupur pupur
    579 wedal wedal weton
    580 wilang, kawilang ka?tang ka?tang
    581 wulu, wudu wulu, wudu abdas
    582 yakti (teu lumrah) yaktos yaktos