Dua Dasa Warsa Caraka Sundanologi

Ku DADAN SUTISNA & DHIPA GALUH PURBA

 

Salah sahiji lembaga anu gedé jasa dina marajian gumelarna sawarata pangarang Sunda, taya lian Caraka Sundanologi. Loba pangarang Sunda anu kiwari keur meujeuhna moyan, kalayan pamianganana téh ti Caraka Sundanologi. Nepi ka kiwari, nyorang mangsa duapuluh taun, Caraka Sundanologi tetep éksis dina sawatara kagiatan kasundaan, malah kagiatanana leuwih jembar. Iwal ti nungtun para pangarang anyar, aya téater rayat, sisindiran, cianjuran, sinétron Sunda, jeung sawatara kagiatan séjénna.

 

CARAKA Sundanologi diadegkeun taun 1986, kalayan ditaratas ku para sastrawan Sunda, antarana Adang S, Abdullah Mustafa, Aam Amilia, Wahyu Wibisana, Rustandi Kartakusumah, Usép Romli, jsté. Numutkeun Prof. Dr. Édi. S. Ékadjati, ngadegna Caraka Sundanologi raket pisan patalina sareng  Proyék Penelitian dan Pengkajian Budaya Sunda, anu disebut Sundanologi. Haritam éta proyék téh dipingpin Edi S. Ekajati, kalayan kantorna di Gedong Merdéka Bandung. Saur Édi,  kapungkur téh aya kagitan anu  diwaragadan ku pamaréntah, aya ogé kréativitas masarakat. Anu kalebet kréativitas masarakat di antawisna kusrsus sajarah sunda, kursus wartawan, sareng kursus ngarang. Kursus pangarang pisan anu salajengna diajukeun ku Adang S, pikeun kagiatan Proyék Penelitian dan Pengembangan Budaya Sunda.

Tangtos baé aya alesan pangna Adang S milih ngayakeun kursus ngarang. Numutkeun Adang S, proyék penelitian mah kurang karasa ku balaréa, jadi mending kénéh ngalatih para nonoman dina widang ngarang Sunda. Anu daptar téh aya 318 urang, kalayan réréana mahasiswa. Der baé dialajar ngarang kalayan daria, diluluguan ku Adang S. Malah numutkeun Nana Sukmana, diajar ngarang di caraka téh kacida resepna. Batan tinggaleun diajar ngarang mah, mending kénéh henteu kuliah. Lain sakali dua kali, Nana Sukmana bolos kuliah alatan waktuna pagedrug jeung diajar ngarang. Nana Sukmana anu kapungkur diajar ngarang di Caraka Sundanologi, kiwari geus jadi redaktur HU. Galamédia.

Sanggeus lungsur-langsar dialajar ngarang, anggota Caraka Sundanologi ngusulkeun sangkan diajar  cianjuran. Kahayang anggota téh diturutkeun, breng wé dialajar cianjuran. Anu hayang diajar téater ogé dipupujukeun, dikirimkeun ka Téater Sunda Kiwari. Taun 1989, proyék penelitian dan pengkajian budaya Sunda dihapus ku pamaréntah. Kilang kitu, kagiatan Caraka Sundanologi henteu ngiringan tilem. Malah beuki daria dina rupaning kagiatan kasundaan. Hartina, Caraka Sundanologi henteu gumantung kana proyék. Tapi tempatna ngalih, ti Gedung Merdéka ka gedong YPK (Yayasan Pusat Kebudayaan), di Jln. Naripan, Bandung.

Ka dieunakeun, loba di antara masarakat anu tumanya, boh sacara langsung atawa teu langsung, ngeunaan kagiatan Caraka Sundanologi anu siga ninggalkeun tatapakan mimiti, nyaéta nyitak pangarang Sunda.  Caraka siga anu leuwih riweuh nguruskeun pagelaran, boh dina panggung atawa dina télévisi. Kumaha jawaban Adang S? Saur Adang S, panginditan téh mémang tina kursus ngarang, tapi apan seuhseuhanana mah seja miara basa katut sastra Sunda, béh dituna ajén budaya Sunda. Sanajan kiwari Caraka leuwih loba ngurus pagelaran, sabenerna mah titincakanna éta2-éta kénéh. Upamana basa Caraka Sundanologi ngadamel sinétron “Karnadi Anémer Bangkong”, apan éta téh dumasar kana novél Sunda “Rusiah Nu Goréng Patut”. Jadi, éta téh kaasup ngawanohkeun sastra Sunda baheula.

Kumaha ari sisindiran? Saur Adang S, sisindiran téh nepi ka caraka ngadeg ampir-ampiran geus rék pareum. Jarang anu nanggap sisindiran. Tapi sanggeusna dipopulérkeun ku Caraka dina télévisi, sisindiran hirup deui. Dina koran, dina radio jadi ramé. Malah aya nu ngayakeun pasanggiri sisindiran sagala. Jadi kagiatan Caraka Sundanologi henteu méngpar tina titincakan.

Perkara sisindiran, numutkeun Suryana, urang pilemburan anu sok nongton sisindiran, saleresna mah sisindiran téh mangrupi tontonan anu dianti-anti, mung hanjakal waktosna ngan sakedap. Iwal ti éta, aya deui kahanjakal téh, anu mawakeunana siga anu teu alami, kumargi katawisna téh jiga dijieun-jieun pisan. Suryana ogé nyarankeun sangkan Caraka Sundanologi henteu ngan nmintonkeun sepuh wungkul, tapi murangkalih ogé sakali-kali mah kedah diajakan maén sisindiran.

Adang S mémang mobanda loba gagasan anu teu acan bisa kacimponan, lantaran pagedrug jeung urusan Waragad.. Contona Caraka Sundanologi  keyeng pisan ngagarap sinétron dumasar kana novél “Apun Gencay”, karaya Yus Rusyana. “Alus pisan éta novél mun disinétronkeun. Tapi lantaran waragad,jadi wé teu tulus. Hayang mayeng ngayakeun pasanggiri masa puisi, pasanggiri sisindiran, sarua éta ogé kateug lantaran waragad…” kitu saur Adang S.

Caraka Sundanologi saban taun narima pendaptaran anggota anyar. Dina pormulirna disebutkeun, aya anu rék diajar ngarang, diajar ngacapi, diajar téater, jeung sajabana. “Hanjakal, éta téh teu lana. henteu jiga nu baheula. Naon masalahna teu kapanggih, atawa naha mémang méntal urang Sunda ayeuna siga kitu…” saur Adang S bari ngadadarkeun basa aya anu diajar ngarang. Konsépna siga baheula. Anu diajar ngarang téh mimiti 15 urang, minggu hareupna tinggal 10 urang, minggu hareupna deui tinggal salapan urang, antukna mah béak wé. Jadi, lain salah Caraka Sundanologi, lamun mémang regenerasi pangarang Sunda henteu pati kapaliré.

Solusi pikeun ngungkulan éta kaayaan, numutkeun Aam Amilia, murid-murid anu baheula dialajar ngarang ka Caraka Sundanologi, kiwari geus meujeuhna jadi guru. Puguh baé anu ditétélakeun ku Aam Amilia téh kalintang hadéna, mangrupa salah sahiji tarékah pikeun ngagelarkeun para pangarang Sunda entragan anyar, anu numutkeun Aam Amilia, kiwari téh keur rada keueung nilik kurangna para pangarang Sunda.***

 

Dimuat di Majalah Seni Budaya No. 173, Maret 2006

Iklan

%d blogger menyukai ini: