lingsir ngulon

Lalampahan

Panonpoe geus lingsir ngulon, katara atra turun lalaunan beuki lila beuki handap, nyalindung tukangeun gunung,tèlèm ka jero laut kandas kadasar samudra,  cahyana masih sumirat ting arudat beureum pacampur jèng koneng, cunduk kana waktu datangna sariak layung di sambung ku harieum beungeut, reup peuting èstu jempling ,sanajan bulan teunembongan di selang ku kingkilaban nyingkabkeun mega malar langit lenglang di hias bentang baranang.

Ana urang nengetan awak sorangan,nitènan diri pribadi, bray beurang nyiar kapayah reup peuting leleson nyirnakeun awak sakujur . kitu jeung kitu taya kendatna, rarasaan gumelar teh tacan lila tapi tanaga beuki ngurangan, manahoreng umur gès ngorotan. ku betah-betahna ngumbara di alam dunya.

 Datang beurang kumèlèndang , nyengledkeun lalangse jemplingna peuting datang balebat disambung carangcang tihang, lila-lila langit beureum campur koneng lir emas sinangling, manahoreng sang surya medal, ear pada ngabageakeun, manuk racet patembalan, kongkorongokna hayam leuwèng ditema ku kuongna klakson kapal laut estu kumatak wa’as .

Seorna sora awehan ,tingarangklengna  nu lalayaran ,mawa kalongkewang rasa nitenan kaendahan alam numawa harepan panjang.

 

gunung cipala nu mawa carita (palabuhan merak)

mangrupikeun carita nyata by:ewon