DÉWI Citraresmi téh Dyah Pitaloka téa. Anjeunna putra raja Sunda anu perlaya dina Perang Bubat di Majapahit. Geus jadi sabiwir hiji, sohor ku sajarahna, seungit ku legéndana, napel pageuh kana simbul katut silib siloka. Jleg ngajanggélék jadi lambang kasatiaan ka ibu rama, kaihlas dina buméla ka nagara, tur kapengkuh enggoning ngajaga martabat sarakanana.

Saha téa atuh nu geulis téh?

Geura mangga urang bukaan deui naskah lontar nu digurit dina basa Sunda buhun. Judulna, Carita Parahiyangan. Ieu naskah disusunna dina abad ka-16 katompérnakeun, teu lila sabada runtagna Karajaan Sunda. Nya ieu pisan sumber sajarah pangkahotna anu nuduhkeun yén Déwi Citraresmi téh enyaan kungsi kumelendang di alam dunya.

“Manak deui Prebu Maharaja, lawasniya ratu tujuh tahun, kena kabawa ku kalawisaya, kabanca ku seuweu dimanten ngaran Tohaan. Mundut agung dipinumbasna. Urang réya sangkan nu angkat ka Jawa. Mumul nu lakian di Sunda. Panprangrang di Majapahit,” kitu nu kaunggel dina Carita Parahiyangan. Mun ku basa ayeuna mah meureun kieu: “Putraan deui Prebu Maharaja, lilana jadi raja tujuh taun, ku lantaran keuna ku perbuatan hianat; meunang musibat ti putra istri nu jenengan Tohaan. Nyuhunkeun maskawin gedé pisan. Loba rahayat nu indit ka Jawa, (kulantaran éta putri) narah rarabi ka urang Sunda. Nya der baé perang campuh di Majapahit.”

Perkara “perang campuh”-na ké urang guar (ilikan “Harga Diri di Tegal Pati”). Ayeuna urang tingali heula gambaran ngeunaan sang “Tohaan”, nya éta Déwi Citraresmi alias Dyah Pitaloka, putrana Prabu Maharaja téa. Minangka bahanna mah babakuna sumber tinulis nu karék kapanggih béh dieu, nyaéta naskah beunang nyusun Pangéran Wangsakerta ti Cirebon. Aya dua Naskah Pangéran Wangsakerta nu penting dititénan di dieu, nya éta Pustaka Carita Parahiyangan (jilid ka-3) jeung Pustaka Nagarakretabhumi (jilid ka-5).

Déwi Citraresmi dibabarkeun di lingkungan Karaton Surawisésa di Kawali (Galuh) taun 1261 Saka (1339 Masehi), pupus di Bubat (Majapahit) dinten Salasa tanggal 13 paropeteng bulan Bhadrawada taun 1278 Saka (4 September 1357 Masehi). Anjeunna putra Prabu Maharaja Linggabuwana ti permaisurina anu jenenganana Déwi Laralisning. Rama sareng ibuna téh sadérék sabrayna, tunggal saéyang kénéh ti Prabu Ajiguna, raja Sunda nu nyangking kalungguhan ti taun 1333 tepi ka 1340 (ilikan pancakakina).

Ari Prabu Maharaja téh putra Prabu Ragamulya Luhur Prabawa ti permaisurina. Demi Déwi Laralisning putra Prabu Arya Kulon, raja di wewengkon Sunda (1332-1350), ti permaisurina anu jenenganana Déwi Kiranasari. Prabu Maharaja téh rakana Déwi Kiranasari, pada-pada putra Prabu Ajiguna ti Ratna Umalestari, permaisurina. Prabu Maharaja nyalikan tahta Karajaan Sunda tujuh taun lamina (1350-1357), ngagentos sepuhna, Prabu Ragamulya Luhur Prabawa nu nyangking kakawasaanana salami sapuluh taun (1340-1350). Boh Prabu Maharaja boh Prabu Ragamulya, pon kitu deui Prabu Ajiguna, kakawasaanana téh ngurung dua karajaan, nyaéta Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda, nu prahna disebut Karajaan Sunda baé.

Nilik kana kokocoranana, Déwi Citraresmi téh bibit buitna ti dua sungapan getih (turunan). Dua kokocoran gumulung jadi hiji dina salirana: nyaéta getih Galuh ti pihak rama sareng getih Sunda ti pihak ibu. Éstuning putri Sunda.

Nalika nyangking kalungguhan di Tatar Sunda, Prabu Maharaja linggih di Karaton Surawisesa di Kawali. Harita Kawali téh puseur dayeuh Karajaan Galuh, tur puseur pamaréntahan sakumna Karajaan Sunda deuih. Raja di wéwéngkon Galuh dicangking ku Prabu Suryadéwata, rayina Prabu Ragamulya. Ari saméméhna mah puseur pamaréntahan téh kungsi di Pakuan (kota Bogor ayeuna), minangka puseur dayeuh Karajaan Sunda. Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh diadegkeun di Tatar Sunda ku turunan raja Tarumanagara dina waktu anu sajaman (ahir abad ka-7) deuih. Jadi, éta dua karajaan téh diadegkeunana ku nu sakocoran getih (saturunan) kénéh.

Karajaan Sunda perenahna di beulah kulon, ari Karajaan Galuh di beulah wétan. Watesna walungan Citarum. Dina hiji mangsa éta dua karajaan pada-pada hirup mandiri. Tapi dina mangsa séjénna duanana ngahiji tur pamaréntahanana dicangking ku hiji raja duméh meunang hak waris pikeun maréntah ti geureuhana atawa ti sadérékna. Kituna mah teu anéh, da mindeng kajadian tali mimitran ti antara éta kulawarga karaton anu dua nyambung ku alatan pertikahan. Sakali mangsa puseur pamaréntahanana téh di Pakuan, dina waktu séjénna di Kawali, luyu jeung tempat kalungguhan katut kaunggulan rajana sarta kamekaran karajaanna.

Dina jaman Déwi Citraresmi, puseur pamaréntahan téh di Galuh. Tapi boh urang Sunda boh urang luar Sunda mimindengna mah nyebut jenengan karajaan téh nya Sunda baé. Prahna kitu, luyu jeung sesebutan bangsana, nyaéta urang Sunda.

Déwi Citraresmi kagungan rayi dua nu saibu-sarama: nu hiji pameget, nu hiji deui istri. Rayina nu pameget jenenganana Niskala Wastukancana. Ari jenengan rayina nu istri Ratna Parwati. Niskala Wastukancana engkéna dijungjung lungguh janten raja Sunda ngagentos ramana (1371-1475), sabada diselang heula ku pamanna, Mangkubumi Suradipati (1357-1371), minangka walina, ku lantaran nalika ramana pupus Niskala Wastukancana masih alit kénéh pisan (harita yuswana nembé 9 taun). Demi Ratna Parwati engkéna ditikah ku Prabu Surendra Buwanaloka, raja di wewengkon Sunda (1367-1382).

Ti barang gumelar ka dunya gé, Déwi Citraresmi mah salirana geus katémbong piméncrangeun. Malah ti ngawitan mangkat rumaja mah kageulisanana geus jadi buah catur para raja atawa kulawarga raja sa-Nusantara. Paribasa geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina. Ku raja Majapahit mah disebutna gé “berlian ti Tatar Kulon”.

Ibu sareng ramana teu kinten mikaasihna ka Déwi Citraresmi. Keur mah sasat putra munggaran (cikal), turug-turug méncrang. Puguh wé kacida didama-damana. Diasuh jeung diatik hadé sakumaha mistina kulawarga karaton, boh ucap, boh sikep, pon kitu deui tingkah polahna. Boh agamana boh darigamana éstu meunang pangwarah anu pohara hadéna. Kituna mah da ramana katelah raja adil bijaksana, turta nyaah ka rahayat.

Ku lantaran kitu, Déwi Citraresmi mah kakoncarana téh lain ukur ku sabab sampulur, tapi deuih ku lantaran pribadina hadé tata, hadé basa, tur hadé tingkah paripolahna. Sugan mah béntangna wé di lingkungan karaton sa-Nusantara harita. Nya munasabah mun Prabu Hayam Wuruk, raja Majapahit, gé tepi ka kabungbulengan ku éta putri Sunda.

Énggal Prabu Hayam Wuruk ngutus Patih Gajah Mada katut wadiabaladna ka Tatar Sunda. Demi maksudna taya deui iwal ti ngalamar Déwi Citraresmi, sakantenan ngulem raja Sunda supados kersa sumping ka Majapahit.

Pondokna carita, lamaran ditampi kalawan reueus tur pinuh ku kabingahan. Teu rék kitu kumaha, tuda harita mah Karajaan Majapahit téh keur sumedeng kakoncara minangka karajaan panggedéna sa-Nusantara, boh kakawasaanana boh wewengkonna. Atuh ulemanana disaluyuan tur baris disumadanan. Kanggo Prabu Maharaja mah, éta uleman téh totondén baris lumangsungna pernikahan antara putrana sareng raja Majapahit.

Upama hiji lamaran ti pihak pameget ka pihak istri, kitu deui upama uleman ti hiji raja ka raja séjénna, ditampi kalawan hadé ku pihak anu dilamar atawa anu diulem, geus ilaharna kitu. Tapi ari napsirkeun yén uleman samodél kitu téh isarat baris lumangsung acara pernikahan mah henteu ilahar.

Lebah dieu katémbong yén Prabu Maharaja rupina henteu kagungan pikir atawa pertimbangan rangkepan. Éstuning beresih tur lempeng baé cara nu geus janten kabiasaan anjeunna ana ngémutan urusan nagarana nyalira. Henteu kaémut yén cariosan anu amis lir peueut téh dina jero-jerona mah ngandung baruang anu matak nyilakakeun. Tah, palebah dieu jawaban anu mangrupa kasadiaan pikeun nohonan éta uleman téh jadi kembangna musibat anu kasebut di luhur.

Saur nu nyusun Carita Parahiyangan tadi, asal-usulna éta musibat téh jolna ti putra raja anu disebat Tohaan. Ari tohaan téh gelar pikeun anggota kulawarga karaton, anu di dieu mah taya lian nunjukna téh ka Déwi Citraresmi alias Dyah Pitaloka téa. Maksudna asal-usulna musibat téh, tayohna, éta lamaran ti Prabu Hayam Wuruk téh bet ditampi tepi ka Prabu Maharaja kersa angkat ka Majapahit kanggo nikahkeun putrina. Antukna, korban perang anu jumlah jeung ajénna gedé pisan téh sasat jadi maskawinna.

Karasa yén nu ngarang Carita Parahiyangan milu hanjelu. Ku kitu téa mah kaharti, ku sabab nu ngarang éta naskah jumeneng dina mangsa leuwih ti dua abad sabada Perang Bubat. Dina sikep nu ngarang éta naskah aya sari sinis ka Déwi Citraresmi, tepi ka nyebatkeun yén sang putri “narah rarabi ka urang Sunda”. Dina seuhseuhanana mah, tayohna, teu panuju tur milu manghandeueulkeun kana naon-naon nu geus kajadian, kaasup runtagna Karajaan Sunda.

Ku kitu ku kieu, urang nu kabagéan dongéngna tetep bisa nyeuseup nu seungit tina pangalaman jaman bihari, nu nyambuang ti Kawali. Kalah kumaha baé ogé, kabadé sakumaha beuratna naon nu kaalaman ku Déwi Citraresmi katut kulawargana. Luas labuh geni ku sabab boga kénéh ajén diri.*** (Édi S. Ékadjati)

Dikutip dari majalah Cupumanik

Entri ini mungkin disari atau dikutip dari sumber-sumber yang disebutkan di atas. Entri ini akan mengalami perbaikan jika ada data baru atau bahkan dihapus terjadi kekeliruan.